2 Raja-raja 17
Hosea putra Ela jadi raja Israil meneran taun kadua belas Raja Ahas nyangking nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana salapan taun.
Lampahna nirca ti PANGERAN, ngan teu doraka teuing cara raja-raja Israil anu heulaeunana.
Hiji mangsa diperangan ku Raja Salmaneser ti nagara Asur. Anjeunna taluk, saban taun mayar upeti.
Tapi dina hiji taun mundut tulung ka Raja So ti Mesir, jeung teu mayar deui upeti ka Asur. Kauninga ku Salmaneser tuluy dihukum, dipanjara.
Geus kitu Salmaneser raja Asur narajang Israil, ngepung Samaria. Sanggeus ngepungna nepi ka taun katilu,
nya eta taun kasalapan pamarentahan Hosea, Salmaneser ngarebut Samaria. Urang Israil dibawa ka Asur jaradi boyongan. Ditempatkeunana aya nu di Halah, aya nu di Gosan sisi Walungan Habor, aya anu di wewengkon Media.
Samaria nepi ka bisa karebut lantaran urang Israil doraka, nyingkir ti PANGERAN anu nginditkeun maranehna ti Mesir, ti raja di dinya, ngabarakti ka aallahan
nurutan kabiasaan bangsa-bangsa anu ku PANGERAN geus disingkahkeun ti eta tanah basa urang Israil maju merangan maranehna. Urang Israil ngalakonan adat istiadat anu ditetepkeun ku raja-rajana.
Urang Israil ngalampahkeun hal-hal anu henteu sapagodos jeung PANGERAN, Allahna. Di mana-mana, ti desa anu pangleutikna nepi ka kota anu panggedena, jalma-jalma teh nyarieun tempat paranti nyembah ka dewa.
Di unggal puncak pasir, di unggal handapeun tangkal anu ngarunggunuk, nyarieun pilar-pilar pamujaan jeung arca-arca Dewi Asera,
ngarukus dina altar-altar brahala, nurutan kalakuan bangsa-bangsa anu ku PANGERAN geus disingkahkeun ti dinya. Kalakuanana matak pibendueun PANGERAN.
Larangan PANGERAN yen teu meunang nyarembah ka arca-arca teh teu ditarurut.
Boh urang Israil boh urang Yuda, ku PANGERAN geus dipepelingan ku jalan utusan-utusan jeung nabi-nabi, saur-Na, "Taringgalkeun kalakuan anu goreng, lampahkeun timbalan-timbalan Kami anu kaungel dina kitab Hukum anu ku Kami geus diturunkeun ka karuhun-karuhun maraneh, tur geus ditepikeun ka maraneh ku utusan-utusan jeung nabi-nabi Kami."
Tapi teu narurut, barasangkal cara karuhun-karuhunna, teu ngarandel ka PANGERAN Allahna,
arembung ngalakonan parentah Mantenna, arembung nekanan ikrar para karuhunna ka Mantenna. Sagala panggeuing teu aya anu didenge, anggur ngabarakti ka arca-arca anu tanpa guna, anu ngalantarankeun maranehna sorangan jadi leungit pangaji, da narurutan adat kabiasaan bangsa-bangsa anu di sakurilingeunana. Digeuing supaya ulah nurutan adat kabiasaan bangsa batur teh henteu ngagarugu.
Papakon ti PANGERAN Allahna dipiceun, seug nyitak dua sasapian, disarembah, nyieun arca-arca Dewi Asera, maruja ka bentang-bentang, nyarembah ka Dewa Baal.
Jeung sok mareuncit anak sorangan diduruk dikurbankeun ka aallahan umat brahala; sok marenta pituduh ka tukang-tukang torah jeung ka tukang-tukang sihir. Teges geus ngajarual maneh migawe kadorakaan, nyarieun kalakuan anu henteu dipisuka sarta pibendueun PANGERAN.
Mana urang Israil teh ku Mantenna kacida dibenduanana, disingkirkeun ti payuneuna-Na, ngan kari kaom Yuda.
Tapi kaom Yuda ge saruana, teu ngestokeun papakon-papakon PANGERAN Allahna, ngestona kana papakon beunang nyieun urang Israil.
Temahna sakabeh turunan Israil ku Mantenna dibalangsakkeun, diselehkeun ka musuh-musuhna anu barengis, panganggeusanana disingkirkeun pisan ti payuneuna-Na.
Ti sanggeus Israil ku PANGERAN dipisahkeun ti Yuda sarta dirajaan ku Yarobam bin Nebat tea, ku eta raja dibawa nyimpang ti PANGERAN, sina marigawe dosa anu lain lumayan.
Urang Israil naluturkeun lacak Yarobam, teu eureun-eureun nurutan kalakuan Yarobam anu kacida gorengna.
Tungtungna ku PANGERAN dijauhkeun ti payuneuna-Na. Sakumaha anu ku Mantenna geus diandikakeun ku jalan para utusan jeung para nabi, urang Israil dibaroyong ka Asur, nepi ka ayeuna.
Ti dinya raja Asur ngadatangkeun jalma-jalma ti Babul, ti Kut, ti Iwa, ti Hamat, jeung ti Separwaim, sina ngareusian kota-kota di Samaria, gaganti urang Israil anu dibuang. Kota-kota di Samaria diandih dicaricingan.
Basa anyaran ka dinya, maranehna loba anu tiwas ku singa anu didatangkeun ku PANGERAN, lantaran aribadahna lain ka Mantenna.
Seug diunjukkeun ka raja Asur, yen jalma-jalma beunang anjeunna nempatkeun di Samaria rea nu tiwas ku singa anu didatangkeun ku batara eta nagara, dumeh teu nyarahoeun peta ngabakti ka eta batara.
Raja Asur marentah, "Imam anu diboyong ti Samaria pulangkeun sina matuh deui di ditu, sina mapatahan aturan eta batara."
Seug hiji imam bangsa Israil anu diboyong ti Samaria teh dipulangkeun deui, terus matuh di Betel, ngajar jelema-jelema tea hal aturan ibadah ka PANGERAN.
Parandene kitu jalma-jalma teh angger bae nyarieun arca sesembahanana masing-masing, ditareundeun di imah-imah brahala urut urang Israil. Unggal golongan di tempatna masing-masing nyarieun arca sesembahanana sorangan:
Urang Babul nyarieun arca Dewa Sukot Benot; urang Kut nyarieun arca Nergal; urang Hamat nyarieun arca Asima;
urang Iwa nyarieun arca Nibhas jeung Tartak; urang Separwaim sok ngurbankeun anak-anakna dijieun kurban durukan pikeun Dewa Adramelek jeung Anamelek.
Tapi ka PANGERAN ge ngabarakti, malah ngarangkat jalma-jalma sambarangan jaradi imamna, purah mangurbankeun di tempat-tempat ibadah ka brahala.
Jadi ngabaraktina teh ka PANGERAN ongkoh, ka dewana masing-masing ongkoh, nuluykeun kabiasaan ti nagara asalna masing-masing.
Tepi ka ayeuna oge maranehna masih keneh ngukuhan tali parantina sorangan, aribadahna lain ka PANGERAN, sarta anu ditarurutna lain hukum-hukum anu ku PANGERAN diturunkeun ka anak incu Yakub anu disebut Israil tea.
PANGERAN geus ngadamel perjangjian jeung maranehna sarta marentahkeun kieu, "Poma, maraneh ulah ibadah ka aallahan, ulah sarujud jeung ngabarakti atawa ngurban ka anu karitu.
Kudu ngabarakti, kudu sarujud jeung ngalurban teh ka Kami, PANGERAN, anu ngajait maraneh ti Mesir make kakawasaan jeung mujijat.
Sagala hukum jeung timbalan-timbalan anu ku Kami geus ditulis pikeun maraneh, kudu dilampahkeun sapapanjangna. Poma, maraneh ulah nyarembah ka aallahan.
Jeung poma, sarat perjangjian Kami ku maraneh ulah dilalaworakeun.
Masing sumujud ka Kami, PANGERAN Allah maraneh. Lamun kitu, tangtu maraneh ku Kami diluputkeun ti sakabeh musuh."
Tapi eta jelema-jelema teh narorek, angger keneh bae marake tali parantina anu baheula bihari.
Jadi eta bangsa-bangsa teh ngabarakti ka PANGERAN ongkoh, ka arca-arca ongkoh. Atuh turunan-turunanana nya kitu keneh deuih, nepi ka kiwari oge adatna teh kitu.